Sangkuriang Nyaleg (36)

ED
Senin, 12 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (36)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Mémang salah kitu? Kula kungsi nyarita lamun umur téh geus rébuan taun. Méméh aya gunung tangkuban parahu, radio mah anyar kénéh atuh kakara ratusan taun saprakna aya Walanda ngajajah urang," Naha kira-kirana daékeun Sangkuriang nulungan si Riweuh? Nyanggakeun lalakin salajengna!

"LAIN apal deui, tapi saksi sajarah, palaku sajarah,"

"Wisss, édun, Mang!" si Riweuh ngacungkeun jempol. Dina haténa mah nyarita, masih kénéh aya mangkeluk nu uteukna teu bérés. Tapi da aing mah butuh sotéh ku kasaktiannana, kajeun kurang bérés gé. "Jadi lamun kitu mah Mamang apal ka jalma anu tadi?"

"Apal, Rama Bargawa nya?"

"Nyaan cerdas, Mang. Tina radio téa tapi apalna?"

"Meugeus siah maké nanya kitu sagala? Kawas teu percaya lamun kula nyaho dikieuna." Nyengor.

"Tenang, Mang! Kuring percaya," omong si Riweuh. "Ngan kira-kira meunang henteu kuring pikeun saheulaanan mah nyumput di imah, Mang?"

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.