Sangkuriang Nyaleg (36)
'Pék téh teuing ari keur saheulaananan mah," Sangkuriang ahirna ngidinan. "Poé geus mimiti nyedek ka peuting," jung cengkat tina diukna.
"Naha, tara-tara, Mang? Soré kénéh biasana ogé apanan Mamang téh nangkring di dieu osok nepi ka peuting. Ménmang jalama anu ditéangan geus pangggih kitu?"
"Kula ragu-ragu?"
"Maksud, Mamang?"
"Rupa na mah enya éta téh manéhna da nyéplés pisan teu bisa dipiveun najan sasieur. Hanjakal lain?"
"Hanjakal lain kumaha?" si Riweuh panasaran.
"Boh ngaran, boh kaayaan béda,"
"Ari ngaran jeung kaayaan mah bisa robah, Mang. Lamun tadi cek Mamang ngaranana béda, kaayaannana béda, tapi dina rupa teu bisa dipiceun najan sasieur,"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!