Sangkuriang Nyaleg (97)
Ari kitu?
Kadikeun tah leungeun anu kénca! Maksud manéh?
Tong api-api! Hayang apal kana getih sorangan mah katér ku kuring tah! Teu kudu néangan si Riweuh sagala!
Ulah, Pot! Bisa cilaka atuh kuring, Hor, apanan hayang apal kana getih sorangan!
Ulah kitu atuh carana!
Geus kumaha deui atuh? Kuring mah hayang nulungan wé ka ki Dulur. Tibatan unggal poé capé néang si Riweuh. Panggih can tangtu!
Ulah, ulah, Pot. Heureuy wé atuh kula mah, omongna pupurungkutan.
Maksudna? Ki dulur téh lain Rama Bargawa? Tulung nyingsieun si Riweuh? Ngaku Rama Bargawa? Lain, Pot! Kula mah bener Rama Bargawa! Asli,
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!