Sangkuriang Nyaleg (97)

ED
Selasa, 15 November 2022 | 06:16 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (97)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Maké naha?Da warna buuk mah teu bisa diukur ku umur. Contona bapa semar ti imiti dunya ngadeg nepi ka kiwari rambutna angger sanyungcung dina embun-embunan, Hubungan jeung kula naon?

DICUKUR teu dicukur gé bapa semar mah angger buukna sakitu. Teu nambahan teu ngurangan, Ari kitu?

Ku kituna warna buuk teu bisa nangtukeun ukuran umur, Lur.

Jadi manéh teu percaya ka kula?

Bongan ki dulur gé teu percaya ka kula jeung si Garéng?

Ragu, kula soalna ceuk dina wayang tadi subuh na radio si Cépot téh beungeutna beureum. Si Garéng nyaritana kasar?

Oh, jadi ki Dulur mah nyaho wayang téh tina radio?

Henteu ogé? Apanan kula mah anu ngajamanan. Kula sajaman jeung Kurawa. Jeung dunungan manéh Gusti Rama,

Tuh, beuki anéh? omong si Riweuh, asa manggih jalan komo meuntas. Naha anéh naon, Pot?

Tadi ceuk ki dulur sajaman jeung Kurawa, kitu deui Rama Kawalon, Gusti Rama!

Heueuh, anéh, Lur?

Anéhna palebah mana, Pot?

Kurawa jeung Rama sajaman?

Nya heueuh atuh! Apanan Citrayuda téh alona Laksmana,

Kakara ngadéngé?

Matak déngékeun kula ngomong! Kula tangtuna ogé anu geus hirup rébuan taun leuwih apal kana kaayaan alam dunya jeung anu ngeusianana,

Nyaan hébat lamun lamun kitu mah, Lur! si Riweuh ngacungkeun jempol. Mangkeluk téh kawas leuwih parna batan si Mamang anu ngaku ngaran Sang Bango, aéh Sangkuriang. Hayang geura-geura kapanggih wé kulawargana atawa patugas rumah sakit jiwa, Kunaon manéh nyarita sorangan, Pot?

Baruk? Nyarita sorangannya? Iraha tateh?

Bieu? Naha teu sadar kitu?

Ah, ari teu sadar mah piraku deui, Lur. Meureun kuring moal nangtung hareupeun ki dulur ayeuna,

Bener ogé tah. Beuki bingung lamun kitu mah?

Saha anu bingung, Lur? tanya si Riweuh.

Manéh, Pot!

Bingung naon? Puguh ki dulur anu ngabingungkeun kuring! Geura mulang mening ayeuna mah, Lur.

Karunya tuh kulawarga bisi néangan!

Moal atuh! Kula mah teu boga kulawarga, hayang apal kana getih sorangan!

Aya ku keukeuh! Réng cikan boga kater teu?

Jang naon, Sun? tanya tukang parkir.

Ieu aya nu hayang apal kana getih sorangan! omongna.

Aya, kusiwel tukang parkir ngaluarkeun kater tina saku bajuna. Kabeneran, ditampanan.

Rék naon manéh, Pot? Rama Bargawa semu muringis.

Ki dulur lain hanyang apal kana getih sorangan?

Ari kitu?

Kadikeun tah leungeun anu kénca! Maksud manéh?

Tong api-api! Hayang apal kana getih sorangan mah katér ku kuring tah! Teu kudu néangan si Riweuh sagala!

Ulah, Pot! Bisa cilaka atuh kuring, Hor, apanan hayang apal kana getih sorangan!

Ulah kitu atuh carana!

Geus kumaha deui atuh? Kuring mah hayang nulungan wé ka ki Dulur. Tibatan unggal poé capé néang si Riweuh. Panggih can tangtu!

Ulah, ulah, Pot. Heureuy wé atuh kula mah, omongna pupurungkutan.

Maksudna? Ki dulur téh lain Rama Bargawa? Tulung nyingsieun si Riweuh? Ngaku Rama Bargawa? Lain, Pot! Kula mah bener Rama Bargawa! Asli,

Ari,

Jeung si Riweuh mah béda urusan, Lieur kuring ngabandungan ki dulur? nepak tarang.

Teu,

Asa pasalia, Lur? ***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.