Sangkuriang Nyaleg (21)

ED
Minggu, 28 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (21)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna,Sangkuriang nuturkeun anjing nepikeun ka anjog ka hiji gedong sigrong nu pernahna di jero leuweung. Sangkuriang harita geus aya hareupeun panto gerbang gedong anu ditujuna. Nurutkeun omongan sakadang anjing éta panto téh bisa muka ku sorangan cukup ku digogogan. Manéhana kadua anjing anu mawana keur nungguan panto muka ku sorangan. Naha saha nu ngeusian éta gedong sigrong téh? Nyanggakeun lalakon salajengna!

MEUNANG dua dami, nyaan panto disada, laju maju lalaunan, gerbang ngagolosor muka sorangan.

"Nyaan," teuteupna.

"Gancang asup, Sangku! Lain ngahuleng waé!" anjing nyered bujur Sang kuriang ku huluna.

"Ha, hayu! Sugan kula bohong?" kerung, gancang milheulaan.

Sanggeus aya di jero, panto nutup deui ku sorangan kawas saméméhna.

Sangkuriang ti mimiti asup gé ngaliwatan gerbang, buru-buru malik deui 180 darajat, lantaran kadorong ku rasa panasatan.

"Nyaan hébat panto? Jangjawokan naon anu digunakeun ku manéh, Jing?"

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.