Sangkuriang Nyaleg (21)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna,Sangkuriang nuturkeun anjing nepikeun ka anjog ka hiji gedong sigrong nu pernahna di jero leuweung. Sangkuriang harita geus aya hareupeun panto gerbang gedong anu ditujuna. Nurutkeun omongan sakadang anjing éta panto téh bisa muka ku sorangan cukup ku digogogan. Manéhana kadua anjing anu mawana keur nungguan panto muka ku sorangan. Naha saha nu ngeusian éta gedong sigrong téh? Nyanggakeun lalakon salajengna!
MEUNANG dua dami, nyaan panto disada, laju maju lalaunan, gerbang ngagolosor muka sorangan.
"Nyaan," teuteupna.
"Gancang asup, Sangku! Lain ngahuleng waé!" anjing nyered bujur Sang kuriang ku huluna.
"Ha, hayu! Sugan kula bohong?" kerung, gancang milheulaan.
Sanggeus aya di jero, panto nutup deui ku sorangan kawas saméméhna.
Sangkuriang ti mimiti asup gé ngaliwatan gerbang, buru-buru malik deui 180 darajat, lantaran kadorong ku rasa panasatan.
"Nyaan hébat panto? Jangjawokan naon anu digunakeun ku manéh, Jing?"
"Manéh mah unjang anjing waé, Sangku!"
"Kula mémangna kudu nyebut monyet ka manéh? Geus sidik anjing! Hayang disebut anu lain. Lamun manéh manusa teu pantes ku kula disebut anjing! Ku sabab manéh anjing, wayahna wé, Jing! Dianjing-anjing. Bongan manéh lain kunyuk!"
"Nya kumaha manéhlah! Dewasa enggeus, kolot eukeur," cék anjing.
"Jing, tadi kula nanya ka manéh. Jangjawokan naon anu digunakeun keur muka panto. Supaya kula bisa kaluat sorangan?"
"Ah, meugeus siah! Maké kudu jangjawokan sagala! Urang geus nepi ka lawang panto hareup!"
Panto nutup anjing nagog, laju ngagogog kawas tadi, rekét panto muka ku sorangan. Molongo, ti jero teu katitén aya jalma nu mangmukakeun.
'Jing, naha ieu panto muka deui ku sorangan? Ku jalan digogogkan ku manéh?"
"Heueuh, Sangku!" jawabna, blus pangheulana.
Sangkuriang tibang ngahuleng. Ku manéhna mah teu kapikiran aya panto imah anu kacida gedéna kalawan dijieunna tina kai jati bisa muka ku sorangan. Carana linti ku cukup digogogan ku anjing nu boga imah.
"Meugeus montong ngahuleng waé, Sangku! Asup anggur dunungan nungguan di jero!" cék anjing.
Sangkuriang ngaléngkah lalaunan, sup ka jero imah, manéhna culang-cileung rurat-rérét ka kénca jeung ka katuhu. Rohang imah anu kacida ublug-ablagna pinuh ku rupa-rupa papaés.
Dijuru rohangan katénjo aya awéwé diuk nonggongan bari nyanghareupan tipi layar datar. Nu Katingali ku Sangkuriang lintangti buukna nu ngarumbay hideung meles.
"Tuh itu dungan urang, Sangku!" anjing nunjuk ku rindat, léngkahna mah teu eureun. Ngarandeg sotéh sanggeus aya dina jarak dua deupa. "Endén, ieu jalmi anu dipilari téh!" cék anjing.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!