Sangkuriang Nyaleg (16)

ED
Selasa, 23 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (16)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngarasa reuwas aya nu ngagubrag di jalan nepikeun ka lamunnana buyar nalika nyoréang alam katukang. Buru-butu nulungan anu labuh tina motor sarta nyalametkeun anjing anu katubruk, sarta sukuna nyelap dina pager. Naha naon anu baris karandapan ku Sangkuriang satutas nulungan anjing jeung jalma nu nubrukna? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"ENYA, Mang. Ari Mamang kunaon atuh maké kudu ngalamun sagala? Keun wé urusan awé mah tong dikiran. Anggur néangan anu séjén nu leuwih geulis!" omongna jangji engab.

Sangkuriang ngadéngé kana omongan jalma nu anyar pinanggih sarta dibandungannana bangun nu loma. Kagét ogé, utamana mah nyabit perkara nu kiwari minuhan uteukna. Siga nu apal kana eusi pikiran manéhna.

"Mémang ki dulur apal kuring keur mikiran naon?"

"Ah, moal salah deui mikiran awé, Mang! Awéwé ulah dipikiran ceuk kuring gé batan mikiran awéwé mah mending nyiapkeun eupan keur nalukeunnana." Omongna deui.

"Maksud, Ki dulur?"

"Ah, Mamang mah sok pura-pira teu apal? Mang awéwéh tunduk ku duit! Lamun Mamang loba duit, komo boga kalungguhan, sok pilih hayang awéwé nu kumaha tinggal nunjuk, pasti tah nyampeurkeun,"

"Aya benerna tah caritaan téh, Lur!" cék Sangkuriang unggeuk.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.