Sangkuriang Nyaleg (16)
"Pangalaman kuring mah, Mang! Éh, ari ngobrol ti tatadi kenalan acan. Nepangkeun Riweuh, jeger Rawa Padung!" ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. "Bisi aya nu macem-macem ka Mamang atawa bisi butuh awéwé tah ka kuring nyarita! Si Riweuh Jeger Rawa Padung pasti ngabantu! Kuring asa kahutangan ku Mamang geus nulungan kuring. Lai ari ngaran Mamang saha?"
"Sangkuriang," jawabna.
"Sangkuriang?" kerung. "Nu bener, Mang?! Tong heureuy, ah, nu daria!"
"Maké heureuy sagala, mémang Sangkuriang kuring mah!" omongna.
"Sangkuriang mah atuh kabeurangan, Mang? Pantes loba hulang-hulengm aingah," padu engab.
"Geuning kawas nu apal?"
"Apal atuh, moal aya nu bireuk kana lalakon éta mah. Buktina aya ongkoh tuh gunung Tangkuban Parahu!"
"Bener,"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!