Sangkuriang Nyaleg (9)

ED
Selasa, 16 Agustus 2022 | 06:42 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (9)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon saméméhna nyaritakeun, rapat partéy keur lumangsung. Rupa-rupa pamolah, nu merhatikeun, nu haharéwosan waé aya, nu ngomé hapé ogé loba. Ngan ari waktuna keprok mah ampir kabéh ngilu, bari sabagian mah teu nyaho naon anu dikeprokan téh. Naon anu baris dilakukeun ku Kartadi saparakanca? Nyanggakeun lalakon salajengna.

"JADI nyababkeun sora partéy bisa nambahan téh dirojong ku sababaraha perkara, di antara duit!" cénah.

Ger, nu hadir surak ngadéngé duit disabit mah dibarengan ku huit jeung keprok.

"Sapuk, Juragan!"

"Éta pisan, Gan!" cék nu hadir.

"Kadua kumaha carana urang ngadagangkeun partéy! Maksudna tepikeun visi misina kalawan jelas. Cék barudak kiwari mah sosialisasi cénah!"

"Siap, Juragan! Asal ngartos wé!?" cék nu hadir rada ngagerendeng.

"Katilu, téang jalma atawa tokoh nu kira-kirana sanggup mangaruhan kana sora partéy!" ngarandeg heula. "Mun bisa jalma nu ngabogaan pangaruh gedé upama seug manéhna dicalegkeun dina partéy urang," sambungna.

"Ari teu bogaeun duit mah beurat ogé, Juragan!" celetuk nu hadir.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.