- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon saméméhna nyaritakeun, rapat partéy keur lumangsung. Rupa-rupa pamolah, nu merhatikeun, nu haharéwosan waé aya, nu ngomé hapé ogé loba. Ngan ari waktuna keprok mah ampir kabéh ngilu, bari sabagian mah teu nyaho naon anu dikeprokan téh. Naon anu baris dilakukeun ku Kartadi saparakanca? Nyanggakeun lalakon salajengna.
"JADI nyababkeun sora partéy bisa nambahan téh dirojong ku sababaraha perkara, di antara duit!" cénah.
Ger, nu hadir surak ngadéngé duit disabit mah dibarengan ku huit jeung keprok.
"Sapuk, Juragan!"
"Éta pisan, Gan!" cék nu hadir.
"Kadua kumaha carana urang ngadagangkeun partéy! Maksudna tepikeun visi misina kalawan jelas. Cék barudak kiwari mah sosialisasi cénah!"
"Siap, Juragan! Asal ngartos wé!?" cék nu hadir rada ngagerendeng.
"Katilu, téang jalma atawa tokoh nu kira-kirana sanggup mangaruhan kana sora partéy!" ngarandeg heula. "Mun bisa jalma nu ngabogaan pangaruh gedé upama seug manéhna dicalegkeun dina partéy urang," sambungna.
"Ari teu bogaeun duit mah beurat ogé, Juragan!" celetuk nu hadir.
"Heueuh ari dipangku mah beurat," tempas nu lian.
"Lain heureuy! Nyaan, sok lamun manéh dititah ngadagangkeun caleg daek teu mun teu kaharti?"
"Mikir heula?"
"Teu kudu mikir, rasakeun mening gé!" omong nu jangkung. "Sok karasa teu?"
"Teu!"
"Cik hayang karasa mah didagor tah caréham ku aing!" cék nu bedegul nyerenteng.
"Naon kalahka ribut!"
"Latihan!"
"Geus siah dariuk deui! Bandungan anggur ketua nu keur biantara!" kaamanan nyampeurkeun.
Jep, répéh, sarta dariuk deui dina tempat masing-masing.
"Lamun bisa mah téangan, lamar! Jalma nu engkéna baris mangaruhan kana sora partéy urang!" cék Kartadi pepeta. "Kuring ogé sarua kiwari keur néangan jalma nu diharepkeun baris bisa ngagedékeun, nambahan sora partéy. Jalmana mah geus manggih ngan moal waka dibéjakeun ngaranna."
"Béjakeun atuh, Pa Ketua!" nu hadir méh bareng.
"Moal waka, éngké wé lamun geus cindek!"
"Huuuuh!" cénah, nu hadir méh bareng.
"Béjakeun! Béjakeun! Béjakeun!" nu hadir patinggorowok.
"Béjakeun entong kira-kirana, Pir?" ngarérét ka kénca.
"Teu langkung, Juragan."
"Béjakeun! Béjakeun! Béjakeun!" nu hadir patinggorowok deui.
"Ngaranna Sangkuriang." Cék Kartadi.
"Sangkuriang??" nu haladir, pating rarérét, jep jempé pating haruleng.
Kaayaan pikeun sawatara waktu mah simpé kawas gaang katincak, taya nu nyoara saurang gé ari lain rénghapna napas mah nu ngoyagkeun dada séwang-séwangan.***
Hanca...