Sangkuriang Nyaleg (6)
"Teu nanaon? Lamun siap béjaan kuring!"
"Heug," jut, turun tina mobil.
"Ké ari imah andika di mana Sangkuriang?"
"Teu boga imah kula mah. Ngontrak tuh di jero, imah nu pangtungtungna." nunjuk ka lebah gang.
"Nomber hapé atawa wéa sabaraha?"
"Tong boro meuli hapé, mayar kontrakan gé seuseut. Acan mikiran dahar sapopoé, Lur!" cénah. "Datang wé kadieu lamun rék nepungan mah. Lamun embung ka imah, téangan kula di jalan nu aya batu. Kula pasti diuk di dinya niténan nu ngaliwat." Omongna.
'Aya ku angger niténan nu ngaliwat. Naon maksudna?' gerentes Kartadi.
"Geus, teu kudu ngahuleng! Nuhun kula geus diajak dahar jeung dijajapkeun ka imah, Lur!"gilek malikeun awak tuluy ngagedig muru gang.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!