Sangkuriang Nyaleg (6)

ED
Sabtu, 13 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (6)

"Mangga, Lur!" Kartadi gogodeg.

Tiluannana leumpang pairing-iring blas-blus kana mobil. Biur mobil anu ditumpakan ku Kartadi katut Sangkuriang katilu supir muru rumah makan.

Salila diperjalanan maranéhna uplek ngobrol kawas anu geus loma, sakapeung mah sok diselapan ku heureuy.

Pikeun Kartadi sorangan ngarasa bungah wawuh jeung Sangkuriang téh, sabab jalma nu modél kitu pisan anu dibutuhkeun ku dirina katut partéyna.

Kiwari mah tinggal pinter-pinterna Kartadi pikeun ngolo Sangkuriang sangkan daék ngilu ngahiji jeung dirina dina partéy anu dipingpinna.

Réngsé dahar Sangkuriang dijajapkeun ka imahna.

"Kumaha siap andika ngagabung dina partéy kuring?" tanya Kartadi.

"Kula ngénta waktu pikeun mikir!" jawabna.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.