Sangkuriang Nyaleg (6)

ED
Sabtu, 13 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (6)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
  • Dina lalakon saméméhna Sangkuriang ka wénéhan tepung jeung saurang pangurus, partéy nu ngaranna Kartadi. Manéhna kataji ku kahébatan Sangkuriang anu geus nyieun maha karya nu ka sohor saantéro dunya. Sahingga Kartadi umajak ka Sangkuriang sangkan ngilu ngagabung jeung partéy nu dikokolakeun ku dirina. Naha kira-kira Sangkuriang baris daékeun? Nyanggakeun terasan ieu lalakon.

"CACAKAN nyieunna ditalapung, ngajengléng jadi hasil seni nu matak reueus.Coba lamun diukir, tangtu leuwih éndah,"

"Cicing, Pir! Ngomong téh sok kamalinaan. Ulah ngupat sajarah, mun ngupat mah di warung."

"Mangga, katenan wé kedah di warung tukang kupat tahu. Patuangan tos ngerebek rupina tos dugi kana waktos makan siang."

"Jempé! Ah, asa dijalanan!" ngagebés.

"Sarua kula gé can dahar," omong Sangkuriang.

"Hayu atuh urang teruskeun di warung ngobrolna!" Kartadi éléh déét.

"Ngobrol mah di dieu. Di warung mah dahar," cénah.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.