Sangkuriang Nyaleg (67)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Euh, ari manéh kunaon, Pir? Dititah nanyakeun imah Sangkuriang nyarita jadi ka mana mendi!" omong dununganana.
"DA si Mamang anu kitu téh?" supir nyalahkan tukang parkir.
"Salira, Nun. Anu tadi naroskeun ucing? Naha ngalepatkeun abdi simkuring," jawab tukang parkir, ngarasa teu ngeunah ogé disalahkeun teu puguh-puguh.
"Pir, maneh mah geus ngalegaan deui ka mana mendi nyarita téh. Langsung kana poin atuh, ulah maké jeung kudu néngan kambing hitam sagala?"
"Deuh, asa lieur ngabandungan jalam kiwari, ti tadi kénéh. Nu hiji ngomongkeun ucing gering, nu ieu ngomongkeun kambing congé, aéh hitut, hitam. Mana nu waras,"
"Naon, Mang? Kalahka nyarita sorangan diajak ngomong ku kuring téh?" omong supir.
"Henteu, Nun. Ieu mah nyarios téh dina manah wé,"
"Tuh, ngajauhan deui!"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!