Sangkuriang Nyaleg (67)

ED
Kamis, 13 Oktober 2022 | 05:45 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (67)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Euh, ari manéh kunaon, Pir? Dititah nanyakeun imah Sangkuriang nyarita jadi ka mana mendi!" omong dununganana.

"DA si Mamang anu kitu téh?" supir nyalahkan tukang parkir.

"Salira, Nun. Anu tadi naroskeun ucing? Naha ngalepatkeun abdi simkuring," jawab tukang parkir, ngarasa teu ngeunah ogé disalahkeun teu puguh-puguh.

"Pir, maneh mah geus ngalegaan deui ka mana mendi nyarita téh. Langsung kana poin atuh, ulah maké jeung kudu néngan kambing hitam sagala?"

"Deuh, asa lieur ngabandungan jalam kiwari, ti tadi kénéh. Nu hiji ngomongkeun ucing gering, nu ieu ngomongkeun kambing congé, aéh hitut, hitam. Mana nu waras,"

"Naon, Mang? Kalahka nyarita sorangan diajak ngomong ku kuring téh?" omong supir.

"Henteu, Nun. Ieu mah nyarios téh dina manah wé,"

"Tuh, ngajauhan deui!"

"Nebihan kumaha, Nun."

"Jig-jig ka Sukahaji sagala, aéh Sukamanah?"

"Pir, meugeus atuh! Nanya anu bener,"

"Mangga, Juragan," ngarindat ka tukang parkir. "Ditanya téh ulah ngajawab ka mana mendi atuh, Mang. Lamun bener jawabanna nilaina saratus,"

"Siap, Nun. Naon atuh anu ditaroskerun téh?"

"Ngadon malik nanya ari si Mamang?"

"Hilap deui, Nun. Tadi aya ucing gering, kambing hitam,"

"Sangkuriang kontrakanna nu anu mana!" potong supir.

"Oh, éta. Gampang atuh, tuh dilebet gang, mentok, éta kontrakanana,"

"Kontrakan nana?"

"Muhun, Nun,"

"Kuring nanya téh kontrakan Sakuriang,"

"Muhun, Nun,"

"Ah, geus, Pir! Hayu asup!" juragan nyurungkeun tonggong supir sangkan leumpang ti heula.

"Antos, Nun," tukang parkir namprak.

"Naon namprak?" supir ngarérét. "Balikna,"

"Danés artos parkir, Nun!"

"Naon atuh?"

"Tadi upami simkuring ngalawaler leres dipasihan saratus,"

"Éra mah dina TV cerdas cermat, piraku teu apal."

"Sanés,"

"Ah, manéh mah, Pir! Nyieun gara-gara waé, blunder tatéh!" juragan ngodok saku ngaluarkeun dompét. Ngaluarkeun duit salambar, song ka tukang parkir.

"Nuhun, Juragan." Acong-acongan.

"Apalkeun beungeut kuring, Mang. Ulah poho éngké pilih kuring omat! Tah, ieu gambar partéyna! Omat dulur tatangga béjaannya."

"Mangga, Juragan. Nuhun," omong tukang parkir.

Langsung leumpang miheulaan supir muru gang nu brasna ka imah kontrakan Sangkuriang.

"Juragan, naha nganggo dipasihan artos sagala?"

"Geys, teu kudu nanya! Can ngarti kénéh sakitu geus lila babarengan jeung kuring?" jawab juragan.

"Naonnya?" nepak tarang.***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.