Sangkuriang Nyaleg (46)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sakadang maung nénjo mangsana lingas téh manéhna beuki ngahanakeun, kiwari mah gerakanna leuwih gancang tinu mimiti. Tapi taya hartinam angger waé nyamos jeung nyamos. Antukna sakadang maung capé sorangan, sababaraha kali ngerahkeun tanaga jeung kakuatanna hayang nekuk musuh, cukup ku ngagiwar, ngeplos.
"MAUNG, tadi aing geus ngénta dihampura sabab teu ngahaja! Ari silaing maksa terus hayang nandasa aing! Sedengkeun aing mah teu hayang binasa ka silaing," omongna, "Naon hartina terus narajang ogé da moal beunang, kalahka silaing anu béak tanaga," teteupna.
Maung ukur ngagaur bari némbongkeun sihungna anu ranggéténg, bangun ngagigila.
"Najan guar-gaur ogé némbongkeun sihung da ari aing mah teu ngarasa keueung! Moal kapangaruhan ku sima silaing," omongna bangun kesel."Ngan kawana lamun keukeuh silaing hayang ngerekeb deui ka aing, ayeuna kapaksa arék ditindak. Lamun henteu kawasna silaing bakal tuluy narajang ka aing!"
Nyaan waé can ogé sungut baseuh maung geus ngajaul deu narajang ti hareupeun.
"Wayahna siah!" Sangkuriang sakali ieu ngagiwar ka kénca dibarengan ku ngaheumbatkeun teugeulan kedétna kana punduk maung.
Pugguh atuh maung dina muragna kana lemah téh ngagaurna rada tarik, langsung ngudupruk nyuuh bangun ngarasakeun nyeri.
Tidinya ukur gagauran rada alon, dina kaayaan ngudupung teu cengkat kawas tadi, teungeulan sangkuriang karasana nyéksrek kana awak.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!