Sangkuriang Nyaleg (46)

ED
Kamis, 22 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (46)

"Sok hudang deui siah!" tangtangna. "Kajaba lamun silaing hayang ngeureunan?"

Maung ukur ngagaur laun, kawas anu serah bongkokan ka Sangkuring anu geus bisa ngélehkeun dirina. Buktina sakadang maung teu cengkat deui, ngudupung luhur lemah bangun taya tangan pangawasa.

Buntutna ngawet, tungkul kana lemah ngagaur laun teu wani ngakat gado komo neteup beungeut Sangkuriang.

Sangkuriang kiwari mah surti, lamu éta maung geus serang bongkokan. Tuluy manéhna dongko, sarta ngusap punduk tapak paneunggeulna.

Maung kakara bisa hojah deui, tapi kiwari mah geus teu wanieun deui narajang, ukur nyuuh hareupeun Sangkuriang saperti patalukan.

"Meugeus, balik silaing!" omongna.

Maung ukur ngagaur lalaunan, tuluy malik ngalénghiy ninggalkeun Sangkuriang anu masih kénéh ngajanteng dina tempatna.***

Hanca....

Halaman :

1 2

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.