Sangkuriang Nyaleg (39)
"Bener, rébuan taun, Lur. Lain lalakon sakeudeung,"
"Percaya, Mang." Nyarita kituna téh si Riweuh bari ngabalieus miceun beungeut, teu kuat ku piseurieun. Gancang ditahan, dina haté mah keukeuh ka Sangkuriang téh nyangka teu hideng. "Deuh, lamun téa mah aing teu buth ku tanagana jeung kasaktiannana, sudi teuing kudu babarengan jeung jalma teu hideng kawas kieu. Kabungbulengan ku bikang nepikeun ka ngacaprul kieu hieupna, ngaku rébuan taun."
"Aya naon, Lur?"
"Teu kuat, asa kagagas, Mang." Omongna.
"Ki dulur bisa ngarasakeun kitu komo kula anu ngalamannana, leuwih-leuwih, Lur."
"Sing sabar wé, Mang," omongna, "Bral atuh, kuring arék ka kalér néangan imah babaturan,"
Sangkuriang teu nyarita ukur unggeuk sarta mencrong nepikeun ka ngilesma diteureuy ku heurinna gang.
Manéhna ogé geus kitu mah tuluy leumpang lalaunan muru ka imah kontrakanana. Haté mah teu bisa dipapalérkeun inget waé ka pangeusi gedong anu sapopoéna ukur dibaturan ku anjing.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!