Sangkuriang Nyaleg (39)

ED
Kamis, 15 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (39)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, si Riweuh bingung pikeun mulang ka imah sorangan. Sabab kasalametannana asa keur didodoho ku Rama Bergawa, anu terus-terusan nguber dirina, bari nyarita hayang apal kana getih sorangan ceunah. Naha naon anu bakal tumika ka si Riweuh saterusna? Nyanggakeun carios salajengna!

NÉNJO kitu mah ahirna si Riweuh ogé surti, " Keun baé, Mang. Kuring moal jadi mondok di imaha Mamang!" omongna lumengis.

"Naha arék ka mana? Ongkoh sieun ku Rama Bargawa?"

"Nya, tangtu ari sieuna mah, sieun. Nu jelas kuring waktu ayeuna moal mulang ka imah saacan pasualan jeung manéhna réngsé,'

"Ari geus?"

"Kuring arék néangan tempat nu teu jauh ti dieu sarta arék dipaké nyumput. Anu jelas di mana aya nanaon kuring moal jauh ti Mamang." Omongna.

"Hampura, lur. Lain kula teu hayang dipondokan,"

"Ngarti kuring ogé, Mang. Tangtuna keur saheulaananan mah Mamang butuh katenang keur mutuskeun pasoalan nu keur disanghareupan ku Mamang. Sakitu lilana apanan Mamang nungguanna ogé. Piraku nalika geus panggih kudu kaganggu ku kuring,"

"Bener, rébuan taun, Lur. Lain lalakon sakeudeung,"

"Percaya, Mang." Nyarita kituna téh si Riweuh bari ngabalieus miceun beungeut, teu kuat ku piseurieun. Gancang ditahan, dina haté mah keukeuh ka Sangkuriang téh nyangka teu hideng. "Deuh, lamun téa mah aing teu buth ku tanagana jeung kasaktiannana, sudi teuing kudu babarengan jeung jalma teu hideng kawas kieu. Kabungbulengan ku bikang nepikeun ka ngacaprul kieu hieupna, ngaku rébuan taun."

"Aya naon, Lur?"

"Teu kuat, asa kagagas, Mang." Omongna.

"Ki dulur bisa ngarasakeun kitu komo kula anu ngalamannana, leuwih-leuwih, Lur."

"Sing sabar wé, Mang," omongna, "Bral atuh, kuring arék ka kalér néangan imah babaturan,"

Sangkuriang teu nyarita ukur unggeuk sarta mencrong nepikeun ka ngilesma diteureuy ku heurinna gang.

Manéhna ogé geus kitu mah tuluy leumpang lalaunan muru ka imah kontrakanana. Haté mah teu bisa dipapalérkeun inget waé ka pangeusi gedong anu sapopoéna ukur dibaturan ku anjing.

"Teu kaharti? Naon sababna awéwé anu sakitu geulisna cicing di leuweung? Ukur dibaturan ku anjing?' gubrag meubeutkeun awakna kana luhur kasur, matana mencrong kana lalangit.

Ras, ka indungna sorangan Dayang Sumbi, apanan hirup manéhna ogé harita ukur duaan katilu anjing si Tumang, bari di Leuweung.

Hirup tiluan di leuweuh harita, salian ti teu nyaho kasangtukangna ogé nepi ka kiwari dirina teu apal bapa sorangan.

"Naha saha ari bapa kula?" gerendengna.***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.