Sangkuriang Nyaleg (32)

ED
Kamis, 8 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (32)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, si Riweuh anu hayang tepung jeung Sangkuriang harita aya anu néangan dedeganana jakung badag, siga anu keur ngemu kakeuheul. Malah nyarita hayang nyaho kana getih sorangan sagana. Naha saha éta jalma? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"NAON gegerendengan, Mang?"

"Henteu, Om. Jisim abdi mah nyanggem téh dina manah,"

"Piraku nyaita dina haté sorana kadéngé ka dayeuh Bandung?" malikeun awakna, gedig muru ka gang nu dituduhkeun tadi.

"Haduh, cilaka? Hampura kuring Riweuh geus nuduhkeun," muringis. Matana teu leupas tina tangtungan jalma nu ngagedig.

Si Riweuh anu geu aya di jero gang abu dituduhkeun ku tukang parkir culang-cileung rurat-rérét néangan imah anu dimaksud.

"Mana imah kontrakan si Mamang téh?" garo-garo teu ateul. "Da ditungtung belah dieu mah kabéh gé imah kontrakan geuning?" Sakedapan ukur ngahuleng bari mencetan tarang bangun bingung.

"Jalma nu ngeusianana kamara? Réhé kieu," gerendengna. "Naha aing kudu nanya ka saha? Piraku balik deui ka tukang parkir nanyakeun? Da sidik ieu imah téh sarua bentukna, loba deuih? Nu ngeusiannana kawasna can baralik digawé. Moal teu beunghar anu bogana," cénah.

Halaman :

1 2

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.