Sangkuriang Nyaleg (32)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, si Riweuh anu hayang tepung jeung Sangkuriang harita aya anu néangan dedeganana jakung badag, siga anu keur ngemu kakeuheul. Malah nyarita hayang nyaho kana getih sorangan sagana. Naha saha éta jalma? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"NAON gegerendengan, Mang?"
"Henteu, Om. Jisim abdi mah nyanggem téh dina manah,"
"Piraku nyaita dina haté sorana kadéngé ka dayeuh Bandung?" malikeun awakna, gedig muru ka gang nu dituduhkeun tadi.
"Haduh, cilaka? Hampura kuring Riweuh geus nuduhkeun," muringis. Matana teu leupas tina tangtungan jalma nu ngagedig.
Si Riweuh anu geu aya di jero gang abu dituduhkeun ku tukang parkir culang-cileung rurat-rérét néangan imah anu dimaksud.
"Mana imah kontrakan si Mamang téh?" garo-garo teu ateul. "Da ditungtung belah dieu mah kabéh gé imah kontrakan geuning?" Sakedapan ukur ngahuleng bari mencetan tarang bangun bingung.
"Jalma nu ngeusianana kamara? Réhé kieu," gerendengna. "Naha aing kudu nanya ka saha? Piraku balik deui ka tukang parkir nanyakeun? Da sidik ieu imah téh sarua bentukna, loba deuih? Nu ngeusiannana kawasna can baralik digawé. Moal teu beunghar anu bogana," cénah.
Teu kungsi lila rentang-rentang katénjo ti kaanggan aya jalma jangkung badag asup ka lebah gang. Lain deui ngarénjagna.
"Cilaka! Manéhna kawasna nyusul aing? Kudu kumaha ayeuna?" beungeutna ngadadak sepa. "Aduh, aing mah poho tukang parkir teu diamanatan! Haduh! Mangka si Mamang can datang kénéh!" si Riweuh satékah polah néangan panyumputan.
Jalma anu néangan geus nepi ka tungtung gang, culang-cileung. Sarua bingung kawas tadi si Riweuh.
"Kudu néang kamana aing? Imah sarua kabéh. Tapi jempling siga euweuh anu ngeusian, moal kitu haréés mah, tapi piraku wayah kieu molor. Digarawé kawasna ka pabrik?" gerendengan. "Siah kajeun ayeuna teu panggih sugan ké ka hareup mah paamprok," pmongna, malikeun awak kaluar deui ti dinya, kalawan hancang. Malum jangkung badag, léngkahna ogé kebat méh tilueun jalam biasa.
Sanggeus rada lila, kakara si Riweuh kaluar tina panyumputan, pikeun méakeun ka panasaran ditéang nepikeun ka lawang gang.
"Euweuh siah!" ngan najan kitu angger panasaran bisi norojol deui. "Ah, améh tenang jeung yakin mening nanyakeun ka tukang parkir!" ngagedig leumpang.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!