Sangkuriang Nyaleg (31)

ED
Rabu, 7 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (31)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, si Riweuh muru ka imah Sangkuriang kalawan harepan anu boga imah gancang mulang. Sabot si Riweuh ngaléos niorojol jalma jangkung badag ngadeukeutan ka tempat parkir. Naha saha éta jalma téh? Nyanggakeun lalakon salajengna!

TUKANG parkir ngarénjag disampeurkeun ku éta jalma.

"Mang," sorana geueuman.

"Kulan, ab, ab, kuring, nun," ngadadak ngeleper.

"Kunaon disampeurkeun téh jiga salatri kitu? Can dahar?"

"Sa, sanés, Nun. Némbéan te, tepang sareng salira,"

"Naha anyar pinangih siga nu keueung kitu? Kawas nu boga dosa waé ka kuring?"

"Hen...henteu," netegkeun haté.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.