Sangkuriang Nyaleg (31)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, si Riweuh muru ka imah Sangkuriang kalawan harepan anu boga imah gancang mulang. Sabot si Riweuh ngaléos niorojol jalma jangkung badag ngadeukeutan ka tempat parkir. Naha saha éta jalma téh? Nyanggakeun lalakon salajengna!
TUKANG parkir ngarénjag disampeurkeun ku éta jalma.
"Mang," sorana geueuman.
"Kulan, ab, ab, kuring, nun," ngadadak ngeleper.
"Kunaon disampeurkeun téh jiga salatri kitu? Can dahar?"
"Sa, sanés, Nun. Némbéan te, tepang sareng salira,"
"Naha anyar pinangih siga nu keueung kitu? Kawas nu boga dosa waé ka kuring?"
"Hen...henteu," netegkeun haté.
"Tenang, ulah disaruakeun kuring jeung maung atuh!" muntang kana taktak.
"Hen, henteu, nun," tak-tak dicepengan éta jalma asa pating sariak. Nyaan sima jeung geteran élmuna luar biasa gerentes tukang parkir.
"Sategesna kuring datang kadieu téh arék néangan jago,"
"Maksadna?"
"Nu jago gelut! Kuring téh hayang apal kana getih sorangan," omongna tenang.
"Atuh si..,"
"Saha? Aya kadieu jago?"
"Aya," rada ragu.
"Mana? Cik témbongkeun ka kuring?"
"Tapi maksad salira téh kumaha? Palay terang kana getih nyalira téh?" kiwari mah rada teteg.
"Ari sugan téh ngarti, Mang?"
"Baé teu ngarti mah teu kudu dipikiran bisi gering!" narik napas panjang, ngoyagkeun dadana anu sembada.
"Oh, moal atuh upami kitu mah, badé markiran wé jisim abdi mah moal seueur anu diémutan," cék tukang parkir.
"Sukur ari kitu, mah. Lain tadi Mamang nyarita bener di dieu aya jago?"
"Aya,"
"Dimana ayeuna? Saha ngaranna?"
"Nuju lebet ka gang itu, Nun!" nunjuk. "Namina si Riweuh,"
"Jeger cénah béjana éta jalma téh? Saliam ti jégér téh osok ngagangggu pamajikan batur?"
"Muhun, rupina,"
"Lain muhun rupina? Bener teu? Mun nénjo nu bahenol kajeun pamajikan batur gé sok diganggu cénah?"
"Numutkeun wartos mah kitu pisan, Nun."
"Dimana ayeuna éta jalma, cék Mamang tadi lumpat ka gang, belah mana?"
"Sakedap maksad salira?"
"Hayang panggih jeung nu ngaran si Riweuh! Sugan bisa manéhna ngcorkeun getih kuring? Cék tadi gé hayang apal getih sorangan. Bisi Mamang teu apal éta jalma téh nangtang ka kuring! Di susul ka imahna cénah lumpana ka dieu,"
"Panginten upami kitu mah," tukang parkir teu bisa majar kumaha. Teu dibéjaan da tadi geus dituduhkeun ka mana léosna si Riweuh. "Sugan wé salamet?" gerendengna.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!