Sangkuriang Nyaleg (30)
"Sukur atuh ari kitu mah kuring moal kabawa capé,"
"Ngan kuring hayang nyaho di mana imah kontrakannana, béjaan kuring!"
"Nyéta euweuh di imah cék kuring gé,"
"Kajeun euweuh gé, bejaan wé di mana?"
"Teu jauh ti dieu, tuh asup ka gang nu itu, lempeng tuluy mentok!" nuduhkeun.
"Heug ari kitu mah, Lur! Kuring arék ka imahna!" si Riweuh naék kana motor, gerung dihirupan, muru gang anu dituduhkeun ku tukang parkir.
Tukang parkir ukur ngajajapkeun ku paneuneupna, teu kungsi lila norkoj jalma jakung badag. Sepina anu bablibingan katénjo bubuhan ukur maké singlét, ka handapna pangsi komprang.
Buuk bodas samet taktak, kumis katut janggot ogé godég geus barodas, ngan gedid jeung réngkakna teu bina ti budak ngora.***
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!