Sangkuriang Nyaleg (30)

ED
Selasa, 6 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (30)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang geus ninggalkeun imahna Eulis. Kiwari si riweuh keur néangan dirina. Geus ampir nincak tilu bulan manéhna teu tepun, banguna anu daria hayang panggih jeung Sangkuriang. Naha naon maksud si Riweuh Maké hayang nepungan? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"JALMA anu sok diuk dina batu itu bari hulang-huleng nempoan beungeut awéwé anu ngaliwat, kiwari aya di mana?"

"Sangkuriang?"

"Tah, enya ngakuna mah Sangkuriang?"

"Mémang bener ngaranna mah Sangkuriang, lain ngakuna!"

"Jadi Sangkuriang téh ngaran asli, Lur?"

"Bener,"

"Ka mana ayeuna?"

"Nyéta teu apal dina waktu-waktu ieu mah," témbal tukang parkir.

"Ari imahna apal?"

"Imahna mah ngontrak, teu jauh jeung kuring!"

"Ngontrak nya si Mamang? Édan Sangkuriang ngontrak," seuri kuda.

"Tong kitu, Weuh! Bisi kadéngéeun, mangka sakti," tukang parkir ngaharéwos bari rurat-rérét, sakapaeung ngantelkeun curuk kana biwir.

"Percaya saktu mah, da kabandungan ku kuring,"

"Geuning apal?"

"Puguh apal mah! Matak kuring hayang manggihan, lain deukeut imahna piraku teu apal?" tanyana deui.

"Nyaan lamun apal mah dibéjaan. Kuring sorangan gé geus ampir tilu bulan teu nempo manéhna aya di imah," jawabna.

"Tilu bulan kurang?" si Riweuh kerung tuluy ngantelkeun curuk kana tarang, nyéh seuri sorangan. "Heueuh mungkin, mungkin?"

"Naon anu mungkin téh?"

"Kuring gé apanan ampir tilu bulan kurang panggih jeung manéhna,"

"Geuning éta?"

"Ngan harita téh aya anjing anéh anu katabrak ku kuring?"

"Anjing anéh?"

"Geus, ah, ulah ngilu mikiran, Lur! Keun lebah dinya mah cukup kuring wé anu mikir!" cék si Riweuh.

"Sukur atuh ari kitu mah kuring moal kabawa capé,"

"Ngan kuring hayang nyaho di mana imah kontrakannana, béjaan kuring!"

"Nyéta euweuh di imah cék kuring gé,"

"Kajeun euweuh gé, bejaan wé di mana?"

"Teu jauh ti dieu, tuh asup ka gang nu itu, lempeng tuluy mentok!" nuduhkeun.

"Heug ari kitu mah, Lur! Kuring arék ka imahna!" si Riweuh naék kana motor, gerung dihirupan, muru gang anu dituduhkeun ku tukang parkir.

Tukang parkir ukur ngajajapkeun ku paneuneupna, teu kungsi lila norkoj jalma jakung badag. Sepina anu bablibingan katénjo bubuhan ukur maké singlét, ka handapna pangsi komprang.

Buuk bodas samet taktak, kumis katut janggot ogé godég geus barodas, ngan gedid jeung réngkakna teu bina ti budak ngora.***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.