Sangkuriang Nyaleg (27)

ED
Sabtu, 3 September 2022 | 06:49 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (27)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngurus Eulis di gedong sigrong dibaturan ku si Ngedul anjing ka meumeut nu boga imah. Teu karasa nyérélékna waktu manéhna aya di éta imah, lain sapoé dua poé tapi ampir panceg tilu bulan. Naon anu saterusna bakal kajadian? Nyanggakeun lalakon salajengna!

EULIS geus mimiti bisa leumpang sakumaha mistina, najan mémang ari raheut tapak ngaputna mah can leungit. Natrat tapakan dina palebah suku anu kénca, ngan ari leumpang mah geus teu kudu dipapah deui komo dibéyéng mah. Kawilang séhat sarta teu matak ngahariwangkeun kawas mimiti.

"Sangkuriang," tanya nu geulis halimpu, bari diuk luhur korsi anu aya ditaman.

"Kula, Lis," congah.

"Kuring ayeuna mah geus ngarasa séhat! Teu kurang-kurang nganuhunkeun ka anjeun," muka omongan.

"Sukur atuh ari kitu mah," omongna pondok.

"Kuring rék nyambung obrolan sawatara bulan katukang,"

"Enya kula gé inget,"

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.