Sangkuriang Nyaleg (27)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngurus Eulis di gedong sigrong dibaturan ku si Ngedul anjing ka meumeut nu boga imah. Teu karasa nyérélékna waktu manéhna aya di éta imah, lain sapoé dua poé tapi ampir panceg tilu bulan. Naon anu saterusna bakal kajadian? Nyanggakeun lalakon salajengna!
EULIS geus mimiti bisa leumpang sakumaha mistina, najan mémang ari raheut tapak ngaputna mah can leungit. Natrat tapakan dina palebah suku anu kénca, ngan ari leumpang mah geus teu kudu dipapah deui komo dibéyéng mah. Kawilang séhat sarta teu matak ngahariwangkeun kawas mimiti.
"Sangkuriang," tanya nu geulis halimpu, bari diuk luhur korsi anu aya ditaman.
"Kula, Lis," congah.
"Kuring ayeuna mah geus ngarasa séhat! Teu kurang-kurang nganuhunkeun ka anjeun," muka omongan.
"Sukur atuh ari kitu mah," omongna pondok.
"Kuring rék nyambung obrolan sawatara bulan katukang,"
"Enya kula gé inget,"
"Sukur upama inget mah. Tinggal kaputusanana mah aya di anjeun. Naha kira-kirana kumaha?" dibarengan ku imutna anu matak ngirut.
Sangkuriang teu bosen najan ampir unggal poé nénjo imutna Eulis, malah kiwari mah asa geus cicing di jero rasa. Haté gé asa sumeblak, dibarengan ku ketugna anu rada ngerepan.
"Kula, tangtuna ogé lamun kudu jadi pagawé mah ngénta waktu keur mikir," Sangkuriang nyumputkeun semu.
"Kuring ngarti, Sangkuriang. Nya éta mah kumaha anjeun?" cék Eulis.
"Harita kula pernah nyarita! Cicing didieu sotéh nepi ka ayeuna pédah wé ningali kondisi anjeun apanan," ngarandeg heula, sok padahal antara ucapan jeung gerentes haté mah asana téh patojaiyah.
"Enya éta mah hak anjeun pikeun nimbang-nimbang tawaran kuring. Éta gé lamun anjeun salila di dieu can kungsi mikirkeun ngeunaan éta pasualan. Pédah meureun di dieu mah lain tempatna pikeun anjeun nyieun pamikiran anu buleud. Najan salila di dieu ogé apanan méakeun waktu nu lain sakeudeung."
"Hhhhmm," Sangkuriang ngaluarkeun sora tina irungna. Mémang bener ogé sakumaha anu dicaritakeun ku Eulis. Ah, da ari intina mah teu langsung narima sotéh bané wé kungsi ragrag kecap saméméhna. Éra upama seug kudu sulaya tina naon rupa anu kungsi dikedalkeun saméméhna. Aing téh lalaki. Kitu cék pamikirannana.
"Cék kuring gé éta mah putusan aya di anjeun," Eulis pura-pira teu ngarti, da dina haté leutikna mah manéhna ogé surti.***
Hanca...
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!