Sangkuriang Nyaleg (24)

ED
Rabu, 31 Agustus 2022 | 05:55 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (24)

"Naon?" omongna lirih.

"Henteu?" Panasaran balik deui neteup rupana. Bréh kagambar kalawan atra, nya rupa ieu pisan nu salila ieu ditétéangan ku dirina. Ayeuna sidik pisan hareupeun. "Anjeun téh...." omongna haroshos.

"Sangkuriang!" semu tarik. "Lain deuk ngubaran?"

"Enya, enya," geuntak deku. "Hampura kula ngarampa suku anjeun!" omongna.

"Teu, nanaon, tapi ké heula bender anjeun bisa ngubaran? Kuring cangcayaa? Sabab anjeun mah tabib lain, dokter gé sumawona. Kuring mah sabenerna lain hayang diubaran ku anjeun da tugas anjeun mah lain ngubaran tapi saperti anu disebutkeun ku kuring. Éta gé lamun anjeun siap?" neuteup nu deku hareupeun. "Kuring keur waktu ayeuna mah, ngénta mangnyokotkeun hapé nu pernahna di lantai luhur. Lamun teu kitu deukeutkeun korsi kuring ka tempat nu aya telepon tuh di méja nu rada kalér sarta luhur teu kadongkang ku si Ngedul!".***

Hanca....

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.