Sangkuriang Nyaleg (24)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ku pribumi diharepkeun sangkan daékeun digawé di imahna.
"HADÉ lamun kitu," kadéngé rénghapna lalaunan. "Salian kuring butuh ku anjeun digawé di tempat kula kalawan tugas anu ditétélakeun tadi. Kula gé butuh nu ngabantuan kula ngajak leuleumpangan, éta gé lamun suku geus kuat diajak leumpang. Ngan pikeun saheulaanan mah kuring teu bisa ingkah kamana-mana ari lain diuk mah dina korsi. Ngan untung ieu kajadian karék tadi soré,"
"Kunaon anjeun téh sabenerna?"
Nyanggakeun lalakon salajengna!
"O, kitu? Kakara kaharti atuh lamun kitu mah!" Sangkuriang ngoréjat haténa, ngadéngé éta katerangan téh.
"Kuring gé teu nyangka baris ngalaman éta kajadian," omongna.
"Naha kumaha ayeuna karasana?"
"Nya tangtuna gé nyeri nu hésé pikeun ngagambarkeunnana. Matak kuring ngénta bantuan ka si Ngedul sugan aya jalma nu haat dipéntaan tulung. Kalawan ngarti kana caritaanana, kabeneran geuning panggih jeung anjeun."
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!