Sangkuriang Nyaleg (24)
"Lamun meunang kula hayang ningali tatu anu kaalaman ku suku anjeun nepikeun ka hésé leumpang?"
"Heug téh teuing hayang ningali mah, susuganan anjeun bisa ngubaran?" omongna lirih semu nahan kanyeri.
"Meunang henteu kula pindah kahareupeun anjeun?"
"Pék téh teuing!" cénah.
Sangkuriang kalawan ati-ati ngaléngkah lalaunan muru ka hareupeun éta awéwé. Rét, ka lebah sukuna, nyaan dibulen ku kaén perban bodas, tapi rembes ku getih. Tina tuur nepi kana mumuncangan, lebah pigeulang sukuna semu bareuh.
Samgkuriang bisa niténan pakulitan suku nu sabeulah deui konéng umyang, mulus taya céda najan sagurat gé, tina tungtung ramo suku nepikeun ka luhureun tuur. Manéhna maké calana pondok warna hideung nengahan pingping. Panasaran, matana ngarayap ka luhur, teup lebah cangkéngna anu lir papanting, awakna ukur kabunian ku kaos oblong warna bodas.
Panasaran hayang nénjo rupana, matana ngarayap ka lebah beungeut, pipina ngadaun seureuh, irung kuwung-kuwungan, mata cureuleuk, halis ngajelér paéh, tarang téja mentrangan.
"Geulis," gerendengna teu sadar, nelek-nelek.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!