- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang diharepkeun sangkan daék jadi pagawé di éta imah, sakumaha anu ditétélakeun ku manéhna.
"Bantuan anu kahiji, imah nu sakieu legana taya nu ngajaga! Kuring ngaharepkeun upama seug anjeun sayaga pikeun ngabantuan ngajaga. Tugas anu kadua mah moal waka dicaritakeun ayeuna, éngké wé satutas anjeun siap narima anu kahiji. Kalawan saeutik-demi saeutik ku kuring dibéjakeun," omongna ngarandeg heula. "Saméméh kuring ngajawab pananya anjeun anu saterusna hayang apal heula kana kasanggupan anjeun!"
"O, kitu?" Sangkuriang narik napas panjang. "Kula teu ngarti kana caritaan anjeun naha, can jelas can naon geus nyebutkeun, tugas? Digawé gé acan? Kula datang ka ieu tempat ukur nehonan pangajak anjing Ngedul! Lain arék néangan gawé. Da kula mah tujuan kadieu téh sakadar arék nulungan sakumaha paménta sakadang anjing," témbal Sangkuriang.
Naha pitulung modél kumaha anu dibutuhkeun ku éta awéwé téh? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"O, hampura atuh kuring geus kumawani nyarita kitu. Wani nugaskeun padahal anjeun lain pagawé kuring. Nyarita kitu sotéh pédah wé kuring ngarasa bungah ku kadatangan anjeun nu cék pamikir kuring anjeun téh geus siap digawé di tempat kuring, sahingga geus kumawani méré tugas?!"
"Teu bisa kitu waé, da kula gé boga perkara anu kudu diréngsékeun. Ieu nu kudu diréngsékeun ku kula lain pagawéan énteng-énteng da nepikeun ka kiwari gé can némbongkeun hasilna," cék Sangkuriang.
"Pagawéan naon anu dilakukeun ku anjeun?" tanyana halimpu.
"Naon hartina ieu perkara ditepikeun ka anjeun? Urusan pribadi,"
"Teu nanaon moal dibéjakeun gé. Ngan kuring apal kaayaan sapopoé anjeun, Sangkuriang," terusna.