Sangkuriang Nyaleg (23)
"Oh, kitu! Pastina gé anjeun meunang béja ti ieu anjing! Tapi teu nanaon da mémang unggal poé kula diuk luhur batu niténan sakur nu ngaliwat. Éta gé pagawéan cék kula mah. Da aya tujuan," omongna.
"Éta mah hak anjeun. Da tadi gé kuring mah teu hayang nyaho kana hak pribadi anjeun. Éta mah anjeun sorangan anu nyarita," cék anu nonggongan.
"Kagok kedal kula téh. Bongan tadi anjeun nyebutkeun nyaho," Sangkuriang garo-garo teu ateul. "Anjeun cék anjing Ngedul pajarkeun gering? Gering naon anu kaalaman ku anjeun? Gening éta jag-jag?!"
"Éta gé moal waka dibéjakeun ka anjeun. Sabab anjeun tadi can ngedalkeun sanggup digawé di tempat kuring," cénah.
"Lamun kitu mah atuh dina waktu ayeuna anjeun teu butuh pitulung kuring?"
"Butuh,"
"Leuh, naon atuh anu ku kuring bisa dilakukeun ari anjeun teu ngabéjakeun mah!"
"Satadina lamun anjeun can jadi pagawé di tempat kuring tangtuna gé moal daék migawé perkara anu dibutuhkeun ku kuring?"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!