Sangkuriang Nyaleg (23)

ED
Selasa, 30 Agustus 2022 | 07:13 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (23)

"Naha naon?" kerung.

"Nya éta pasualannana, kuring heurin ku létah nyaritana!"

"Béjakeun wé heula alesanana?"

"Hadé lamun kitu," kadéngé rénghapna lalaunan. "Salian kuring butuh ku anjeun digawé di tempat kula kalawan tugas anu ditétélakeun tadi. Kula gé butuh nu ngabantuan kula ngajak leuleumpangan, éta gé lamun suku geus kuat diajak leumpang. Ngan pikeun saheulaanan mah kuring teu bisa ingkah kamana-mana ari lain diuk mah dina korsi. Ngan untung ieu kajadian karék tadi soré,"

"Kunaon anjeun téh sabenerna?"

"Kuring  labuh tina tangga, untungna ukur suku kénca anu beunang. Tapi najan kitu gé ngabalukarkeun nyeri anu rohaka ogé kuring teu walakaya. Tadi mah meureun kuring baal kénéh bisa ngorondang ngadeukeutan ieu korsi bari dibantuan ku si Ngedul. Ngan meureun lamun kuring butuh pindah tina ieu korsi tangtuna ogé butuh jalma anu ngabantuan?".***

Hanca....

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.