Sangkuriang Nyaleg (22)
"Bantuan anu kahiji, imah nu sakieu legana taya nu ngajaga! Kuring ngaharepkeun upama seug anjeun sayaga pikeun ngabantuan ngajaga. Tugas anu kadua mah moal waka dicaritakeun ayeuna, éngké wé satutas anjeun siap narima anu kahiji. Kalawan saeutik-demi saeutik ku kuring dibéjakeun," omongna ngarandeg heula. "Saméméh kuring ngajawab pananya anjeun anu saterusna hayang apal heula kana kasanggupan anjeun!"
"O, kitu?" Sangkuriang narik napas panjang. "Kula teu ngarti kana caritaan anjeun naha, can jelas can naon geus nyebutkeun, tugas? Digawé gé acan? Kula datang ka ieu tempat ukur nehonan pangajak anjing Ngedul! Lain arék néangan gawé. Da kula mah tujuan kadieu téh sakadar arék nulungan sakumaha paménta sakadang anjing," témbal Sangkuriang.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!