Sangkuriang Nyaleg (22)

ED
Senin, 29 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (22)

"Bener, Sangkuriang. Nu ngarti kana caritaan ieu anjing iwalti kuring jeung anjeun. Ari kuring pangna ngarti sabab ieu anjing nu ngaran si Ngedul téh geus lila babarengan jeung kuring. Ari anjeun pangna ngarti kana bahasa anjing apanan baheula kungsi babarengan jeung si Tumang." Omongna.

"Naha anjeun geuning apal?"

"Tangtu atuh umumna manusa, hususna nu hirup di tatar bandung mah moal bireuk ka anjeun. Pon kitu deui kana sabagaian sajarah hirup anjeun, " jelasna.

"Baruk?"

"Teu kudu anéh! Da mémang lalakon hirup jeung kahrupan anjeun mah geus sabiwir hiji,"

"Oh, kitu nya?" unggut-unggutan. "Terus kula tadi meunang béja ti anjing Ngedul, lamun anjeun téh cénah keur gering? Sarta ngabutuhkeun bantuan da di imah euweuh sasaha kajaba dunungan ka dua anijing."

"Bener kuring cicing di ieu tempat ukur duaan jeung si Ngedul. Anjing kuring anu satia, sarta iceus. Sarta mémang kuring ogé ngabutuhkeun bantuan, tanaga manusa. Kaayaan kuring kurang séhat!"

"Bantuan naon anu dibutuhkeun ku anjeun ayeuna?" tanya Sangkuriang. "Ogé geing naon anjeun téh?"

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.