Sangkuriang Nyaleg (22)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngaléngkah lalaunan, sup ka jero imah, manéhna culang-cileung rurat-rérét ka kénca jeung ka katuhu. Rohang imah anu kacida ublug-ablagna pinuh ku rupa-rupa papaés. Dijuru rohangan katénjo aya awéwé diuk nonggongan bari nyanghareupan tipi layar datar. Nu Katingali ku Sangkuriang lintangti buukna nu ngarumbay hideung meles.
"TUH itu dungan urang, Sangku!" anjing nunjuk ku rindat, léngkahna mah teu eureun. Ngarandeg sotéh sanggeus aya dina jarak dua deupa. "Endén, ieu jalmi anu dipilari téh!" cék anjing.
Naha saha awéwé anu bakal diamprokeun ku sakadang anjing ka dirina téh? Moal kitu anu salila ieu ditéangan mah? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"Teu salah?"
"Rupina mah moal lepat, Enden," jawab anjing.
Sangkuriang sakedapan mah ngahuleng ngadéngé caritaan sakadang anjing jeung dununganana.
"Naha geuning manéh téh bisa nyarita?" togmol.
"Sangku, nu baris ngajelaskeunana mah tah dunungan urang!" omong anjing nuduhkeun ku juru matana ka palebah awéwé anu nonggongan.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!