Sangkuriang Nyaleg (18)
"Urang téh sapapanjang jalan pikiran tagiwur,"
"Anjing maké boga pikiran tagiwur sagala?"
"Ulah waka interupsi atuh! Apanan urang can bérés ngomong siah!"
"Leuh, abong kéna anjing, nyarita téh. Tapi andika mah anjing gé maké nyaho interupsi sagala?"
"Tuh, manéh mah ngéngklokan waé atuh. Cing jempé heula! Urang can bérés nyarita! Ulah waka interupsi atuh lamun omongan urang acan bérés, hargaan batur! Sarua boga hak keur nepikeun caritaannana,"
"Ah, andika mah bahasa rapat dibawa ka kula! Kumaha kula wé lamun kula embung ngadéngéngkeun gé boga hak! Sugan andika ngobrol tuh jeung pager!" Sangkuriang cengkat.
"Ih, tong kitu atuh, Sangku! Cing sing boga rasa prikaanjingan atuh?! Kula aya tepikeuneunn tong kitu atuh!" anjing lemengis.
"Sok atuh caritakeun! Najan kula teu ngabogaan rasa prikaanjingan gé, da kula mah manusia, pasti ngadéngékeun. Ngan nu teu kaharti naha andika bet hayang nganepikeun ka kula? Naha teu ka anjing deui?"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!