Sangkuriang Nyaleg (18)

ED
Kamis, 25 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (18)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang beuki buleud kayakinanana ka si Riweuh, lantaran siga nu bener-bener apal ka dirina. Sagigireun ti kitu nyangka lamun si Riweuh téh pohaci anu turun ka dunya. Ngan si Riweuh harita kaburu mulang. Tinggal anjing nu ditulungan can ngejat, kawas hayang cacarita ka Sangkuriang. Naha éta anjing bisa nyarita? Naon anu baris ditepikeun? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"GOG, GOG," kawas nu ngajawab.

"Naon maksud andika téh? Naha nganuhunkeun pédah geus ditulungan ku kula, ngahaja nungguan meureun? Da tadi mah kulana jongjon ngobrol jeung si Riweuh,"

"Gog, gog," cék anjing.

"Naon atuh?" Sangkuriang ras inget ka si Tumang lamun ngajak ngobrol ka dirina. 'Lamun aing nganggap ka ieu anjing siga ka si Tumang pasti bakal kaharti kana maksudna?" cék gerentes haténa.

"Hampura, Sangku," cék anjing.

"Naha teu puguh-puguh ujug-ujug ngénta dihampura? Panggih gé karék ayeuna?" Sangkuriang kerung.

"Bener dina kituna mah. Apal teu tadi pangna urang ampir kagaley ku motor si Riweuh?"

"Nyéta teu?"

"Kajeun ari henteu mah! Ngan wayahna ayeuna mah kudu nyaho sababna!"

"Leuh, kula nyaho sotéh ngadéngé sora nu ngagubrag! Teu nyaho kana pasoalan andika mah?"

"Nya lamun teu nyaho wayahna, déngkeun omongan urang!"

"Ah, naha bahasa téh mani kitu? Abong kéna anjing,"

"Tangtu, Sangku,"

"Sok atuh caritakeun!"

"Urang téh sapapanjang jalan pikiran tagiwur,"

"Anjing maké boga pikiran tagiwur sagala?"

"Ulah waka interupsi atuh! Apanan urang can bérés ngomong siah!"

"Leuh, abong kéna anjing, nyarita téh. Tapi andika mah anjing gé maké nyaho interupsi sagala?"

"Tuh, manéh mah ngéngklokan waé atuh. Cing jempé heula! Urang can bérés nyarita! Ulah waka interupsi atuh lamun omongan urang acan bérés, hargaan batur! Sarua boga hak keur nepikeun caritaannana,"

"Ah, andika mah bahasa rapat dibawa ka kula! Kumaha kula wé lamun kula embung ngadéngéngkeun gé boga hak! Sugan andika ngobrol tuh jeung pager!" Sangkuriang cengkat.

"Ih, tong kitu atuh, Sangku! Cing sing boga rasa prikaanjingan atuh?! Kula aya tepikeuneunn tong kitu atuh!" anjing lemengis.

"Sok atuh caritakeun! Najan kula teu ngabogaan rasa prikaanjingan gé, da kula mah manusia, pasti ngadéngékeun. Ngan nu teu kaharti naha andika bet hayang nganepikeun ka kula? Naha teu ka anjing deui?"

"Moal bisa atuh! Da ieu mah urusanna ogé lain jeung anjing deui, tapi urusan manusa. Iwal ti manéh manusa nu ngarti ka urang!".***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.