Sangkuriang Nyaleg (15)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngabetem. Asa beurat ku létah pikeun ngedalkeun nu sabenerna. Teu beurat kumaha, indungna sakitu nyaaheunnana ka si Tumang. Euweuh bédana kanyaahna jeung ka dirina.
TEUING pédah di éta patempatan téh taya deui nu lian kajaba dirina jeung indungna ka tilu si Tumang. Ogé éta sato téh sakitu satiana boh kadirina pon kitu deui ka indungna.
"Du, du,"
"Ari ieu ari naon?" indungna muka bungkusan. "Kawas lain ati mencek?"
"A, ati, si Tumang, Ma,"
"Ati si Tumang!" ngadéngé kitu beungeut Dayang Sumbi reup geuneuk tay pias, huntu kekerot, ambekannana ngahégak, ngoyagkeun gunung sakembarannana anu masih kénéh nyeungseung. "Kurang ajar siah! Wani-wani méta kitu ka si Tumang!" Kumaha lalakon salajengna? Nyanggakeun terasannana!
Gap, kana siwur nu ngagantung dina bilik urut tadi nyiuk cai. Dibarengan ku rasa sedih galiwota jeung ka keuheul, siwur batok kalapa ditakolkeun ka lebah luhureun tarang anakna.
"Aduh, Ema!" Sangkuriang ngagero dibarung ku rasa nyeri jeung reuwas.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!