Sangkuriang Nyaleg (15)
"Nyingkah siah! Ema teu hayang panggih deui jeung manéh! Nyingkah siah tong nicek deui kadieu!" gerona dibarengan ku ingsreukna ceurik.
"Ema," Sangkuriang malikeun awakna, tarangna baloboran ku getih, leumpang sakaparan-paran nyingkah ngajauhan imah anu kungsi dicicingan ku dirina ka tilu si Tumang.
"Tumang, naha ema kawas nu leuwih nyaah ka manéh batan ka kuring?" cumalimba, léngkahna teu eureun.
Cekit, brug, guik. Sangkuriang ngoréjat, lamunannana buyar, rék ka kéncaeun jalan, anjing nyelap sukuna ka pager. Guguikan.
"Aduh! Tulung!" ngénta tulung, awakna nyangkorah luhur kamalir, teu pati anggang jeung anjing nu sukuna nyelap.
Di tengah jalan motor ngagolér.
"Naon anu kajadian?" gerendengna. Rikat Sangkuriang nulungan jalma nu ngagoler dipindahkeun sisi jalan teu anggang tina batu nu biasa dipake diuk ku dirinan.
Geuntak, mangku motor ngasagiriwilm dipernahkeun teu anggang jeung boganan. Anjing nu nyelap dina pager sukuna geuwat dileupaskeun, bari dilikan.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!