Sangkuriang Nyaleg (15)

ED
Senin, 22 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (15)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngabetem. Asa beurat ku létah pikeun ngedalkeun nu sabenerna. Teu beurat kumaha, indungna sakitu nyaaheunnana ka si Tumang. Euweuh bédana kanyaahna jeung ka dirina.

TEUING pédah di éta patempatan téh taya deui nu lian kajaba dirina jeung indungna ka tilu si Tumang. Ogé éta sato téh sakitu satiana boh kadirina pon kitu deui ka indungna.

"Du, du,"

"Ari ieu ari naon?" indungna muka bungkusan. "Kawas lain ati mencek?"

"A, ati, si Tumang, Ma,"

"Ati si Tumang!" ngadéngé kitu beungeut Dayang Sumbi reup geuneuk tay pias, huntu kekerot, ambekannana ngahégak, ngoyagkeun gunung sakembarannana anu masih kénéh nyeungseung. "Kurang ajar siah! Wani-wani méta kitu ka si Tumang!" Kumaha lalakon salajengna? Nyanggakeun terasannana!

Gap, kana siwur nu ngagantung dina bilik urut tadi nyiuk cai. Dibarengan ku rasa sedih galiwota jeung ka keuheul, siwur batok kalapa ditakolkeun ka lebah luhureun tarang anakna.

"Aduh, Ema!" Sangkuriang ngagero dibarung ku rasa nyeri jeung reuwas.

"Nyingkah siah! Ema teu hayang panggih deui jeung manéh! Nyingkah siah tong nicek deui kadieu!" gerona dibarengan ku ingsreukna ceurik.

"Ema," Sangkuriang malikeun awakna, tarangna baloboran ku getih, leumpang sakaparan-paran nyingkah ngajauhan imah anu kungsi dicicingan ku dirina ka tilu si Tumang.

"Tumang, naha ema kawas nu leuwih nyaah ka manéh batan ka kuring?" cumalimba, léngkahna teu eureun.

Cekit, brug, guik. Sangkuriang ngoréjat, lamunannana buyar, rék ka kéncaeun jalan, anjing nyelap sukuna ka pager. Guguikan.

"Aduh! Tulung!" ngénta tulung, awakna nyangkorah luhur kamalir, teu pati anggang jeung anjing nu sukuna nyelap.

Di tengah jalan motor ngagolér.

"Naon anu kajadian?" gerendengna. Rikat Sangkuriang nulungan jalma nu ngagoler dipindahkeun sisi jalan teu anggang tina batu nu biasa dipake diuk ku dirinan.

Geuntak, mangku motor ngasagiriwilm dipernahkeun teu anggang jeung boganan. Anjing nu nyelap dina pager sukuna geuwat dileupaskeun, bari dilikan.

"Teu nanaon gening sia mah, Jing," omongna tuluy sina leupas. Laju malik deui ka jalma nu tadi digolerkeun dipariksa kaayaanna.

"Nuhun, Mang!" omongna maksakeun cengkat.

"Teu nanan, Lur?" tanyana.

"Nanaon mah teu, ngan reuwas, nabrak anjing! Untung teu nenggel," jawabna bari gék diuk.

"Sukur atuh ari salamet mah," cék Sangkuriang.

"Salamet, Mang. Untung ku Mamang di tulungan, ngan reuwas wé jeung rada linu sakedik,"

"Ah, engké gé moal, Lur!" teteup Sangkuriang. "Lain ari dulur téh naha teu puguh-puguh ngagolér di jalan?"

"Jih, ari Mamang aya ku teu apal? Ari ti tadi Mamang ngajega didieu teu nempo kuring kitu anu reuwas nubruk anjing ngaliwat?"

"Hampura, Lur. Teu merhatikeun,"

"Emang mah jigana keur ngalamun? Kuring waé ningali Mamang tina luhur motor. Anjing ngalangkung teu katitén nu matak reuwas?"

"O, kitu nya?".***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.