Sangkuriang Nyaleg (1)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
SAKUR nu dipikahayangna dicumponan. Taya nu dipondah, ngaranna gé ka beubeureuh.
Ngan anu matak hélok waktu diajak ka balényungcung manéhna nolak. Nalika ngagéléhé luhur lahunan, buuk disiaran, biwir teu balem tina paguneman.
Panyangka téh harita mangrupakeun waktu anu pantes keur ngedalkeun paniatan, ngajak lakirabi.
Manéhna dumadakan ngoléséd, laju ngoréjat, ngajauhan bangun sieun.
"Ningali aing kawas ka satru." gerendengna. "Neuteup seukeut siga ka musuh." Jurungkunung nangtung.
"Sanés kitu," reuwas. "Mangga abdi ditikah!" maksakeun imut. "Mung palay dipangadamelkeun heula situ."
"Éta mah gampang atuh, Jungjunan!" omongna.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!