Sangkuriang Nyaleg (1)
Sungutna mimiti kunyam-kunyem kawas mapatkeun jampé pamaké. Gelebug. Angin tarik pisan dahan pating pelenoy. Dangdaunan nu kasapu pating kalayang, rabeng ngawang-ngawang.
Teu lila kadéngé gebligna suku semu beurat. Angin rerep, kaayaan kawas sasari, kajaba gulidagna cai walung dibarung sora sato peuting.
"Aya naon Gusti, nyalukan kami?" cénah ngosom, wujudna mah weléh teu katingali.
"Para Guriang, bantuan kula! Bendung ieu walungan, jieun talaga!" cénah.
"Unjuk sumangga, Gusti!" jawabna handaruan, méh bareng.
"Omat, ulah kapiheulan ku meletékna panon poé!"
"Unjuk sumangga!"
Teuing kumaha migawéna, ngan anu jelas mah teu matak ka ukur ku pikiran kahontal ku akal. Dumadakan tangkal nu baradag pating dorokdok kawas dituar. Pating kalayang, naranceb ngawates legana situ.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!