Sangkuriang Nyaleg (1)

ED
Senin, 8 Agustus 2022 | 08:10 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (1)

"Sanggem upami dipidamel dina waktos sawengi?"

"Demi salira mah naon atuh anu teu tiasa, Nung." walonna.

"Cobi buktoskeun! Éta situ kedah rengsé engké wengi teu kenging kapayunan ku sarangéngé!" péntana.

Manéhna malikeun awak, ngaléos rurusuhan. Haténa gumerendeng, 'Kuring yakin Sangkuriang pasti gagal.'

Sangkuriang ukur neuteup, langgeorna nu geulis lir macan teunangan. Ngajauhan ti tempat manéhna cicing.

"Nung, Dayang Sumbi, jungjunan akang. Naon atuh nu teu bisa dipigawé ku kaula? Pira ukur hayang nyieun talaga dina waktu sapeuting." geremna handaruan.

Neuteup langit belah ti kulon, panon poé mimiti surup. Rét, ka kénca gulidagna walungan, sisina dipapaésan ku jujukutan jeung tatangkalan galedé, saukuran beuteung munding.

Teu ingkah tina tempatna nepika leungitna layung di langit. Kasapih ku poékna peuting. Teu lila béntang pating karetip.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.