Sangkuriang Nyaleg (8)

ED
Senin, 15 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (8)

"Heueuh, jarémpé cénah déngékeun ketua partéy rék pidato," cék Saliwang.

"Gejul sugan mah! Ari diajak dahar kakara nyambung, dasar Saliwang!" cék nu kumisan ngarérét kanu dugul.

Harita rapat partéy keur lumangsung. Rupa-rupa pamolah, nu merhatikeun, nu haharéwosan waé aya, nu ngomé hapé ogé loba. Ngan ari waktuna keprok mah ampir kabéh ngilu, bari sabagian mah teu nyaho naon anu dikeprokan téh.

"Para wargi, sadayana! Para hadirin nu sami hadir!" Kartadi nuluykeun biantara. "Gera gedurkeun dina dada masing-masing sumanget pikeun ngamajukeun partéy! Ngeruk sora saloba-lobana!"

"Mémang gampang?" gerendeng si Kumis.

"Gampang teu gampang, Euy!?" omong nu gundul.

"Maksud anjeun, Brow?"

"Gampangna lamun loba duit, teu gampangna lamun duit euweuh!" cék nu kumisan.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.