Sangkuriang Nyaleg (8)
"Maksud anjeun ku cara money politik? Teu meunang kitu gawé téh, ngalanggar siah!"
"Wah, tong idéalis hirup dina partéy mah, Brow! Idéalis mah moal nyatu deuleu!"
"Pan éta téh pelanggaran atuh!"
"Pelanggaran téh mun kapanggih bari jeung diributkeun. Tong ribut atuh ari hayang beuteung seubeuh saku metet, irung ngebul mah," sambungna.
"Aya benérna ogé tah caritaan téh!"
"Lain aya benerna deui, Brow! Mémang bener kabéh! Da kitu kanyataanana!"
"Ah, can tangtu ogé, sararéa kitu!"
"Naon? Sabaraha séwang cénah kabagina uang transport?" Saliwang mairan.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!