Sangkuriang Nyaleg (89)
Keur jongjon aruplek ngobrol rentang-rentang katénjo Rama Bargawa muru ka lebah dinya. Itu sapertos Rama Bargawa, Sun? Geuning apal?
Kantenan, Sun. Boa milarian salira? Geuning éta apal, Lur?
Babalédogan wé, Sun.
Heueuhm sukur ari geus bisa malédoh mah. Ngan kadé buah bogana tatangga dibalédog der kana kaca.
Moal atuh, Sun. Da ieu mah mung babalédogan sanés nyaan. Naha milarina ka dieu, Sun?
Jalan wé meureun ka dieu bari nguriling, ngaranana ogé parapatan, Lur,
Boa milarian salira, Sun?
Bener, ngan kuring nyalingker tuluy lumpat ka dieu. Keun tong ribut, omongna ngahuit.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!