Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026 VISI | Maulid Nabi: Peringatan atau Keteladanan? 25 Aug 2026 Bandung Great Sale 2026 Diserbu Pengunjung, Transaksi Terus Dihitung 25 Aug 2026 Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026 VISI | Maulid Nabi: Peringatan atau Keteladanan? 25 Aug 2026 Bandung Great Sale 2026 Diserbu Pengunjung, Transaksi Terus Dihitung 25 Aug 2026

Sangkuriang Nyaleg (89) 

ED
Sabtu, 5 November 2022 | 06:44 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (89) 

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Maksud kandaraan di dieu mah kandaran politik, Lur.

KANDARAAN politik? Panginten atuh upami kitu mah. Sok dinamian anggota déwan anu, caleg anu dina ambulan téh. Upami kandaraanna ambulan mah panginten langkung éngganya?

Maksudna?

Bébas hambatan upami ambulan mah ning. Sadaya gé masihan jalan, tiasa langsung dugi ka,

Rumah sakit,

Sanes, janten anggota déwan,

Asa lieur nyarita jeung ki dulur mah? nepak tarang.

Sami, jisim abdi mah langku-langkung rupina?

Mémang. Ngarti teu kanu naon rupa diomongkeun bieu?

Kandaraan?

Heueuh,

Bujeng-bujeng bureng.

Deuh, aya ku kitu, Lur. Nu nyarita waé geus teu ngarti kanu dicaritakeun. Komo atuh kuring nu ngadéngékeunnana,

Namina ogé politik sanés. Teu salami kedah kahartos, kadang aya anu matak bingung ka jisim abdi nu ngabandungannana.

Heup, Lur! Ulah nyaritakeun politik ayeuna mah, sirah asa jangar yeuh ngadéngéna! mencétan tarang.

Moal! Bonganna, Sun. Salira anu ngamimitian? omongna.

Tuh, geus wani nyalahkeun, Lur?! Sanés, ngalepatkeun, Sun. Jisim abdi mah nyarios téh dumasar kana fakta. Sanés kambing hitam, Éta gening kawas anu pinter bisa nyebut fakta sagala jeung istilah kambing congé?

Fakta?

Enya, apal hartina?

Teu, Sun.

Naha geuning bisa nyebut?

Nurutan batur wé, Sun. Apanan saur salira ogé, kitu tadi.

Sukur atuh ari geus bisa nurutan mah. Da di mana-mana ogé manusa pah sok silih turutan. Nu itu nurutan ieu, ieu nurutan itu.

Apanan publik ogé ngabandungan téh naon anu keur ramé jeung jadi bahan catur nalika tepung jeung anu lianna.

Sapertos urang ayeuna panginten, Sun,

Bisa jadi, Lur.

Leres kitu. Malih sepuh kantos nyaurkeun yen, luang téh asalna ti papada urang, omongna. Éta gening?

Jisim abdi mah sok mulungan wé, ngeundeuk-ngeundeuk bari mulungan,

Édas? Bisaan geuning di dinya, Lur? Sumuhun saur jisim abdi ogé darma mulungan, Sun.

Alus, Lur. Mulungan gé ari anu dipulungna hadé mah nya jadi alus kadituna, omongna.

Nu mawi, Sun,

Sukurlah ari aya kamajuan mah, Lur! omongna.

Keur jongjon aruplek ngobrol rentang-rentang katénjo Rama Bargawa muru ka lebah dinya. Itu sapertos Rama Bargawa, Sun? Geuning apal?

Kantenan, Sun. Boa milarian salira? Geuning éta apal, Lur?

Babalédogan wé, Sun.

Heueuhm sukur ari geus bisa malédoh mah. Ngan kadé buah bogana tatangga dibalédog der kana kaca.

Moal atuh, Sun. Da ieu mah mung babalédogan sanés nyaan. Naha milarina ka dieu, Sun?

Jalan wé meureun ka dieu bari nguriling, ngaranana ogé parapatan, Lur,

Boa milarian salira, Sun?

Bener, ngan kuring nyalingker tuluy lumpat ka dieu. Keun tong ribut, omongna ngahuit.

Pot, geuing manéh aya di dieu? Keur naon, Euy?

Biasa, Mang.

Ulah nyebut emang atuh, Pot! Gan, kituh. Piraku Rama Bargawa disebut mamang? Asa kakara ngadéngé kula mah, Pot.

Mangga, Gan. Wangsul ti mana juragan téh?

Tah, kitu, Pot! Geunah kadéngéna kana ceuli kula,

Geus mimiti garélo deui mangkeluk téh teu kaop amprok, gereneng tukang parkir.

Naon, Réng? Manéh ngomongkeun kula? Rama Bargawa ngarérét ka tukang parkir.

Hanca.....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.