Sangkuriang Nyaleg (88)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Kumaha, Sun? Da éta mah tadi jisim abdi mémang kitu ngabandungannana, Sun. Lain kitu,
KUMAHA maksadna kandaraan téh, Sun?
Acan ngarti kénéh waé?
Teu acan, Nun. Numasi jisim abdi naroskeun?
Lamun geus apal arék kumaha? Nyalonkeun déwan, Nun. Sapertos Sangkuriang,
Mémang gampang jadi déwan téh? Nu mawi jisim abdi naroskeun ogé, Sun.
Keun atuh ku kuring dibéjaan. Tapi saméméhna kuring aréj nanya ka ki dulur?
Naros naon, sun?
Kira-kirana naon tujuan ki dulur jadi anggota déwan?
Paya gagah wé sapertos juragan anu ngajemput Sangkuriang tadi. Gaduh mobil, ka mana-mana tinggal ngajak supir. Jisim abdi ukur calik dipengkér bari nundutan.
Alus tah ari kitu mah motivasina, Motivasi téh naon, Sun?
Baé atuh teu nyaho hartina ogé, ari nu kieu mah teu kudu ditanyakeun.
Cukup omongkeun wé ambéh katanggar rada intelek.
Intelék ogé kanggo jisim abdi mah kirang paos, Sun,
Nya, geus teu kudu dipikiran teu apal mah. Sabab lamun dijelaskeun kabéh mah kuring kaburu capé! Nu ditanyakeun téh kandaraan apanannya tadi téh?
Leres, Sun?
Maksud kandaraan di dieu mah kandaran politik, Lur.
Kandaraan politik? Panginten atuh upami kitu mah. Sok dinamian anggota déwan anu, caleg anu dina ambulan téh. Upami kandaraanna ambulan mah panginten langkung éngganya?
Maksudna?
Bébas hambatan upami ambulan mah ning. Sadaya gé masihan jalan, tiasa langsung dugi ka,
Sanes, janten anggota déwan,
Asa lieur nyarita jeung ki dulur mah? nepak tarang.
Sami, jisim abdi mah langku-langkung rupina?
Mémang. Ngarti teu kanu naon rupa diomongkeun bieu?
Kandaraan?
Heueuh,
Bujeng-bujeng bureng.
Deuh, aya ku kitu, Lur. Nu nyarita waé geus teu ngarti kanu dicaritakeun. Komo atuh kuring nu ngadéngékeunnana,
Namina ogé politik sanés. Teu salami kedah kahartos, kadang aya anu matak bingung ka jisim abdi nu ngabandungannana.
Heup, Lur! Ulah nyaritakeun politik ayeuna mah, sirah asa jangar yeuh ngadéngéna! mencétan tarang.
Moal! Bonganna, Sun. Salira anu ngamimitian? omongna.
Tuh, geus wani nyalahkeun, Lur?!
Sanés, ngalepatkeun, Sun. Jisim abdi mah nyarios téh dumasar kana fakta. Sanés kambing hitam,
Éta gening kawas anu pinter bisa nyebut fakta sagala jeung istilah kambing congé?
Fakta?
Enya, apal hartina?
Teu, Sun.
Naha geuning bisa nyebut? Nurutan batur wé, Sun. Apanan saur salira ogé, kitu tadi.
Sukur atuh ari geus bisa nurutan mah. Da di mana-mana ogé manusa pah sok silih turutan. Nu itu nurutan ieu, ieu nurutan itu.
Apanan publik ogé ngabandungan téh naon anu keur ramé jeung jadi bahan catur nalika tepung jeung anu lianna.
Sapertos urang ayeuna panginten, Sun,
Bisa jadi, Lur.
Leres kitu. Malih sepuh kantos nyaurkeun yen, luang téh asalna ti papada urang, omongna. Éta gening?
Jisim abdi mah sok mulungan wé, ngeundeuk-ngeundeuk bari mulungan,
Édas? Bisaam geuning di dinya, Lur? Sumuhun saut jisim abdi ogé darma mulungan, Sun.
Alus, Lur. Mulungan gé ari anu dipulungna hadé mah nya jadi alus kadituna, omongna.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!