Sangkuriang Nyaleg (7)

ED
Minggu, 14 Agustus 2022 | 07:07 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (7)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
  • Dina lalakon saméméhna Kartadi usaha satékah polah ngadeukeutan Sangkuriang, nu dipalar daék ngagabung jeung partéyna. Susuganan ku ayana Sangkuriang aya dina barisan manéhna sora partéy bisa nambahan. Malah sanggeus ngajak dahar Sangkuriang di rumah makan, dijajapkeun sagala nepikeun ka tempat kontrakannana. Naha baris daék Sangkuriang diajak asup partéy? Nyanggakeun lalakon salajengna.

"HEUEUH, Pir. Manéhna boga niléy jual. Sangkuriang, tokoh anu ngalégénda. Nu teu bireuk aya kaitannana jeung Gunung Tangkuban Parahu, ogé Bandung Témpo Doéloé."

"Juragan naha yakin éta téh Sangkuriang, maksad téh asli?'

"Éta cék manéh?"

"Yakin teu yakin, Gan," omong Supir

"Kudu yakin atuh!"

. "Nanging ngabandungan kasaktianna mah mungkin waé. Ngangkat mobil mani ngansagiriwil. Cobi upami teu aya manéhna, tinangtu urang kedah milarian mobil dérék."

"Heueuh, Euy!" Kartadi narik napas rada jero.

"Juragan, naha éta jalma téh badé didugikeun dina rapat partéy?"

"Enya,"

"Teu langkung juragan upami kitu mah," cénah.

"Kumaha carana ngolo manéhna sangkan daék diajak ngagabung jeung urang?" nyarandékeun tonggongna kana jok. Tarangna kerung kawas nu mikir.

Mobil ngadius muru ka hiji gedong. Anjog ka pakarangan geus loba jalma, aya nu karék jut tina mobil, nu keur nyetandarkeun motor, aya waé nu ngariung tiluan patinggerendeng kéncaeun pot kembang.

Nu manggut-manggut waé aya, sukuna mah ngaléngkah muru lawang panto gedong. Nu lianna nuturkeun, satutas nénjo mobil anu ditumpakan ku Kartadi diparkir.

"Ketua geus datang, Bray!"

"Hayu arasup, Brow!" cék nu lian.

Nepi ka rohang rapat, jalma geus guk-gék dina tempat diukna bari pating gerendeng.

"Sugan wé poé ieu mah rada badag uang transporna," cék nu ompong nyengir.

"Ari ilaing kana duit waé!" gebés nu kumisan.

"Ih, naon deui atuh hirup mah." témbal nu ompong.

"Ah, si kumis mah sok munaroh, kawas heueuh waé teu butuh uang transpor!" témpas nu begung.

"Munafik meureun, lain munaroh!" gero nu dugul.

"Kulan, haseum? Can ogé dibéré dahar geus nyebutkeun haseum,"

"Ari manéh! Kamana waé ceuli téh?"

"Henteu, abdi mah teu nyandak kandaraan, ngiring numpang ka Kang Oyod!"

"Silaing mah, si éta diajak ngobrol moal nyambung. Saliwang!" potong nu dugul.

"Meugeus jarampé, rapat geus dimimitian. Déngkeun tuh ketua partéy sakeudeung deui arék pidato!" gebés nu kumisan.

"Tah, kitu atuh! Kudu aya nu wani ngusulkeun taékeun kituh uang transpor," cék Saliwang.***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.